-->

Soal Ujian Sekolah Bahasa Sunda SMP Dengan Jawaban Tahun 2023

Soal Ujian Sekolah Soal Ujian Sekolah Bahasa Sunda SMP Dengan Jawaban Tahun 2023 – Ujian Sekolah merupakan kegiatan penilaian rutinan yang di adakan rutin di setiap akhir tahun pelajaran di kelas 9 oleh setiap Satuan Pendidikan untuk mengukur pencapaian Kompetensi Lulusan setiap peserta didiknya.

 

Berikut ini Soal Ujian Sekolah Bahasa sunda SMP Dengan Jawaban Tahun 2023 terdiri dari 40 soal pilihan ganda dan 5 soal esai - yang disediakan sebagai referensi bagi para guru dan sarana latihan mengerjakan Soal Ujian Sekolah agar mendapatkan nilai yang terbaik bagi para peserta didik.

 

Berikut Soal Ujian Sekolah Bahasa Sunda SMP Dengan Jawaban Tahun 2023 Kunci Jawaban Berada di Akhir Artikel

 

I. PILIHAN GANDA ( PG )

Berilah tanda dilembar jawaban pada pilihan A, B, C, atau D yang dianggap paling tepat!

1.    Titénaan paguneman ieu di handap

Anto

: wilujeng énjing sadaya

Murid

: wilujeng énjing….!

Anto

: punten ka sadayana, kusabab abdi murid anyar, nepangkeun wasta 

  abdi Wanto.

Fery

: ngaran lengkepna saha?

Anto

: Kuswanto

Rudin

: ti mana kawitna?

Anto

: ti Cirebon

Murid

: ooohhh.

 

Pageuneman di luhur eusina ngeunaan…

A.             Patalékan murid

B.              Anto ngeunalkeun diri ka murid séjén

C.              Rudin nanyakeun ti mana kawitna

D.             Murid ngabales wilujeng énjing

 

2.     Jumlah pamaénna biasana jumlahna aya 3 nepi ka 5 urang. Biasana ngagunakeun lapangan badminton. Cara maénna nyaéta saurung jeung kelompokna kudu bisa ngaliwatan garis nu dijaga ku musuh nepi ka balik deui teu meunang katoél. Jenis kaulinan nu kitu disebutna…

A.             Cingciripit                                            

B.              oray-orayan                                        

C.              galah

D.             paciwit-ciwit

 

3.     Baca kawalan gemet!

ÉLING-ÉLING DULUR KABÉH

Éling-éling dulur kabéh

ibadah ulah campoléh

beurang peting ulah weléh

bisina kaburu paéh

 

Sabab urang bakal mati

nyawa dipundut ku Gusti

najan raja nyakrawati

teu bisa nyingkiran pati

 

Sempalan teks di luhur teh mangrupa conto....

A.             pupuh                                                              

B.              kawih rumaja                          

C.              kawih kaulinan barudak

D.             pupujian

 

4.     Alhamdulillah, bulan maulud geus datang deui. Kabiasaan keluarga Wiwin ari datang bulan mulud teh sok arulin ka Keraton Kasepuhan. Katingali resepen pisan Wiwin mah, komo ari ulin ka Keraton Kasepuhanna ari peuting panjang jimat téa. Sanajan dedesekan leumpang ogé, tapi anjeunna resep sabab loba tukang jajan jeung kaulinan, malah loba ogé tukang dahareun nu aya dina sabudeureun alun-alun Keraton Kasepuhan.

Wacana di luhur nyaritakeun perjalanan……

A.             Wiwin jeung keluarga nu sok ulin ka keraton Kasepuhan ari bulan maulud.

B.              Wiwin nongton panjang jimat di keraton kasepuhan

C.              Wiwin resep ka muludan sabab loba nu dagang

D.             Wiwin resep ulin ka alun-alun keraton kasepuhan.

 

5.     “Ulah lumpat siah, rek dihakan ku aing, ceuk sakadang maung. Udag waé mun bisa mah, da kuring mah moal sieun, lumpatna ogé bedas, jawab si kancil.

Aeh kurang ajar siah, nangtang aing lumpat, tungguan siah, ku aing rek diudag, ceuk maung bari ambek. Sok lah  udag kuring mun bisa, paling ogé manéh éléh deui, kacapean deui, jawab kancil”

Sempalan dongeng di luhur kaasup kana jenis dongéng…

A.             sagé                                                     

B.              legenda                                               

C.              fabél

D.             mite

 

6.     Titrenan conto bewara ieu di handap!

BEWARA

KUDU MAKE PAKEAN RAPIH

BUUK ULAH PANJANG JEUNG DIWARNAAN

KUDU MAKE SAPATU KETS HIDEUNG

POE SENEN JEUNG SALASA KUDU MAKE BAJU BODAS BIRU

POE REBO JEUNG KEMIS KUDU MAKE BAJU BATIK

POE JUMAT KUDU MAKE BAJU MUSLIM

POE SABTU KUDU MAKE BAJU PRAMUKA

 

Bewara di luhur, cocogna pikeun aturan nu aya di…..

A.             Supermarket

B.              Sakola  

C.              kantor

D.             puskésmas

 

7.     Titenan conto puisi ieu di handap!

TANAH SUNDA

Karya Ajip Rosidi

 

Héjo pagunungan

Paul lautan

Héjo

Paul

Langitna haté kuring

Masing dimana kuring nangtung

Masing kamana kuring leumpang

Tanah lémbok tempat beumetah

Angin nyeot nyiuman tarang

Makna nu kapanggih dina sempalan sajak di luhur nyaéta….

A.             ngeunaan héjo pagunungan di panangtungan

B.              ngeunaan paul lautan dina leuleumpangan

C.              ngeunaan angin nu nyiuman tarang

D.             ngeunaan kabetah nyicingan hiji tempat

 

8.     Titenan conto puisi ieu di handap!

Tukeuran ieu sajak

ku sababaraha siki pélor

heug témbakeun kana genggerong koruptor manipulator

sina enya kalojor

 

Tukeuranieusajak

kubeubeutiantinakalbuanurido

keurnyeboranubalangsak

(Lamun teu kitu sasaak)

Ieu di handap kekecapan nu lain nembongkeun kaceuceub/kakesel pangarang ka koruptor,  nyaéta….

A.             Tembakeun                                                                                         

B.              siki pélor                                              

C.              kalojor

D.             beubeutian

 

9.     Pungsina rarangken pamaéh dina aksara sunda nyaéta….

A.             pikeun nambahan sora /h/ dina ahir engang aksara dasar

B.              pikeun ngaleungitkeun sora vocal dina aksara dasar

C.              pikeun nambahan sora /u/ dina aksara dasar

D.             pikeun nambahan sora /r/ dina aksara dasar

 

10.  Titenan conto kawih ieu di handap!

CINTA NUSA

Sanggian Mang Koko

Indonesia gemah ripah lohjinawi

Alam éndah héjo ngemploh sugih mukti

Subur tutuwuhan, beunghar pepelakan

Daun héjo ngemploh karaharjaan lemah cai

Kumaha kaayaan alam Indonesia dina sempalan kawih di luhur…

A.             gemah ripah lohjinawi, alamna subur, daunna subur

B.              alamna endah, saeutik pepelakan, daunna héjo ngemploh

C.              gemah ripah lohjinawi, daunna pepelakan, subur tutuwuhan

D.             alamna endah, gemah ripah lohjinawi, beunghar peplakan

 

11.  Titenan conto kawih ieu di handap!

Sireum papanggih jeung sireum teu weléh sasalaman.

Jalmi patepang jeung jalmi ulah hilap sasalaman.

Bade angkat sakola sasalaman.

 

Tepang jeung rerencangan sasalaman

Ka ibu bapa guru sasalaman.

Sasalaman lain ukur lebaran

 

Makna sasalaman tina kawih Sunda di luhur teh nyéta….

A.             salalaman mah teu kudu dibudayakeun

B.              sireum mun panggih jeung sireum tara sasalaman

C.              sasalaman kudu kaunggal jalma sarta lain ngan ukur lebaran.

D.             sasalaman lain ngan ukur kabiasaan.

 

12.  Dina niténan nulis warta, urang kudu nyumponan hiji rumasan anu disebut…

A.             5W+1H

B.              5H+1W

C.              6H+1H

D.             6H+1H

 

13.  Titenan conto wawangsalan ieu di handap!

Anteneu piring nu badag

Sing garetol ka sakola

Wangsalna parabola

 

Mesin ketik maké layar

Dialajar ambeh pinter

Wangsalna…

A.             printer

B.              monitor

C.              komputer

D.             keyboard

 

14.  Titenan conto sisindiran ieu di handap!

Sapanjang jalan Soreang

Moal weleh diaspalan

Sapanjang tacan kasorang

Moal weleh diakalan

 

Nurutkeun sipatna sisindiran di luhur miboga sipat....

A.             pepeling

B.              silih asih

C.              heureuy

D.             piwuruk

 

15.  Baca sempalan artikel ieu di handap.

Basa indung teh mun istilah asingna mah motehr lingue. Saprak UNESCO netepkeu poé miéling basa indung tanggal 21 pebruari, basa indung teh unggal taun dipiéling ku masarakat sadunya.

Mun ditilik tina strukturna, sempalan artikel di luhur mangrupa bagian tina…

A.             panutup

B.              eusi

C.              bubuka

D.             katerangan

 

16.  Perhatikeun sempalan gurguritan ieu di handap!

Di Mekah tepung silaturahmi

Patanya patakon

Sislih rérét loba anu anéh

Nyidik-nyidik kulit warna warni

Panon, irung, biwir

Dedegan nya kitu

Patokan pupuh mijil dina guguritan di luhur nyaéta:

A.             10-i, 6-o, 10é, 10-i, 6-i, 6-u

B.              10-i, 6-a, 10é, 10-i, 6-i, 6-u

C.              10-a, 6-o, 10é, 10-i, 6-i, 6-a

D.             10-i, 6-o, 10é, 10-i, 6-i, 6-a

 

17.  Perhatikeun guguritan ieu di handap

Hayu batur sing sumanget ka sakola

Nyuprih elmu pangarti

Nyiar pangabisa

Sangkan jadi jelema

Anu élmuna masagi

Sagala bisa

Jadi jalma berbudi

Watek pupuh di luhur nyaéta..

A.             sedih

B.              sumanget

C.              gumbira

D.             nalangsa

 

18.  Perhatikeun téks ieu di handap!

Hadirin anu dipihormat! Neda perhatosan upacara Paturay tineung badé dikawitan.

Bismillahirrohmanirrohiim.

Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Alhamdulillah. Sadaya puji anging Allah anu kagungan. Anu ngawasa alam sadaya. Anging ku pangersa-Na danget ieu urang tiasa lawung dina raraga sami-sami nyaksén acara paturay tineung.

Téks di luhur biasana dibawakeun ku…

A.             penyaji

B.              moderator

C.              girang acara

D.             pamilon

 

19.  Perhatikeun sempalan carpon ieu di handap!

Harita ogé Oman semu rusuh balik ti sakola téh. Hayang geura ngiderkeun és deui. Keur jongjon leumpang, ari pék manéhna nénjo dompét ngagolér di sisi jalan. Oman ngarandeg, luak-lieuk.

Sempalan carpon di luhur kaasup kana unsur…

A.             téma

B.              setting

C.              amanat

D.             galur/alur

 

20.  Perhatikeun sempalan carpon ieu di handap!

“Aduh gagabah geuning, kumaha mun éta téh dompét anu nyulurkeun ! komo deui ieu dompét duitna loba pisan aya dua ratus rébuna ! Omat isukan mah pulangkeun, ari aya alamat nu bogana mah !” Peutingna, Oman anteng ngalamun.

Sempalan carpon di luhur kaasup kana unsur…

A.             setting

B.              téma    

C.              amanat

D.             galur

 

21.  Susunan nu bener sina teks biantara di handap nyeta…       

1)     Saparantos muji ka hadirat illahi robbi, solawat sareng salam mugia ginulur ka jungjunan urang sadaya nyatana Nabi Muhammad SAW. Katut kulawargana, sahabatna, paratabi-in dugi ka yaumiddin.

2)     Para hadirin Kaum Muslimin !

3)     Salajengna, hotib wasiat hususna ka diri pribadi umumna ka hadirin rohimakumulloh, sumangga urang ronjatkeun kataqwaan ka Alloh swt, margi mung ku taqwa urang tiasa ngahontal kasalametan di dunya sareng aherat.

 

A.             1), 2), 3)

B.             2), 1), 3)

C.              3), 2), 1)

D.             2), 3), 1)

 

22.  Nu kaasup kalimah eusi dina biantara nyaéta…

A.             Assalamu’alaikum!                  

B.              Wabillahitaufikwalhidayah. Wassalamu’alaikumwarrahmatullahi wabarrakatuh.

C.              Hatur nuhun kana kasumpinganana kana ieu forum.

D.             Déwi Sartika téh pajoang kaom wanita nu naratas dunya atikan pikeun kaom miskin.  

 

23.  Perhatikeun sempalan teks biantara ieu di handap!

Alhamdulillah puji sukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu parantos masihan sadaya karunia nyaeta mangrupi kasehatan jasmani sareng rohani. Oge, mangpirang pirang kani’matan, utamana kani’matan iman sareng kanikmatan Islam.

Solawat sareng salam urang sanggakeun ka jungungan nabi urang sadaya nyaéta nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sahabatna tur para umatna.

Teks biatanara di luhur kaasup kana bagian….

A.             pangbagéa (kata sapaan)

B.              panutup biantara

C.              bubuka biantara

D.             eusi biantara

 

24.  Perhatikeun sempalan téks biantara ieu di handap!

Nu dipihormat rengrengan dewan juri lomba biantara basa sunda. Nu dipikareueus ku sim kuring, Para kanca mitra sadaya, pamilon lomba biantara basa sunda, ogé nu dipihormat para pangaping kalih para hadirin sadayana.

Teks biatanara di luhur kaasup kana bagian…

A.             pangbagea (kata sapaan)

B.              salam bubuka

C.              bubuka biantara

D.             eusi biantara

 

25.  Rupina sakitu nu kapihatur. Sim kuring kalayan asmana pangurus OSIS sakali deui ngahaturkeun sewu nuhun nu taya hinggana kana kapercantenan sadayana. Mugi-mugi bae kagiatan OSIS tiasa langkung mekar dina mangsa nu bakal datang. Hapunten anu kasuhun, bilih aya kakirangan dina basa sareng tatakrama. Bobo sapanon carang sapakan, mugi kersa ngahapunten.

 

Wassalamu”alaikum wr.wb.

Penggalan di luhur kaasup kana ...

A.             Bubuka

B.              Panutup

C.              Eusi

D.             Kasimpulan

 

26.  Salahsahiji cirri dina kahirupan masarakat di kampung adat nyaéta masih ngagunakeun palsapah hirup…

A.             silih asah, silih bibit, silih bobot

B.              silih asah, silih asih, silih asuh

C.              silih bebet, silih bibit, silih beubeut

D.             silih asah, silih paduli, silih asa aing

 

27.  Bedana masarakat kampung adat jeung masarakat kampung modérn nyaéta:

A.             masarakat kampong adat mah hirupna masih indivialismae, silih tulungan, ari masarakat kampong modern mah sauyunan jeung silih acuh tak acuh

B.              masarakat kampong adat mah hirupna masih sauyunan, silih beubetkeun, ari masarakat kampong modern mah individualism jeung silih acuh tak acuh

C.              masarakat kampong adat mah hirupna masih sauyunan, silih tulungan, ari masarakat kampong modern mah individualism jeung silih asah, asih, asuh

D.             masarakat kampong adat mah hirupna masih sauyunan, silih tulungan, ari masarakat kampong modern mah individualism jeung silih acuh tak acuh

 

28.  Baca sempalan novel ieu di handap!

Sajabana ti kahot, éta tempat aya sajarahna, sabab geus leuwih ti saratus taun lilana nepi ka ayeuna, di alun-alun nu ayeuna sok diparaké barudak ulin, atawa diparaké ngangon embé, dii handapeun tangkal jati anu ngariung téa, mangpuluh-puluh jalma anu ditugel sirahna, nyaéta anu teu daék milu ngaraman, ngalawan ka Sultan Cirebon, atawa ngahukum musuh anu katangkep di pangperangan. Sabab jalma jaman harita, nu nyicingan éta tempat, geus leungit ingetanana jeung bebeneranana, lantaran kacida teu sarenangeunana ku sabab hirup loba aturan anu ngajadikeun kasangsaraan ka maranéhna.

Tema dina sempalan novel di luhur nyaeta

A.             nyaritakeun hiji tempat nu teu daek ditempatan sabab urut ngahukum jalma nu teu milu kana kasultanan Cirebon

B.              nyaritakeun ngenaan kasultanan Cirebon

C.              nyaritakeun ngeunan jalma nu leungit ingetanana

D.             nyaritakeun ngeunaan hirup loba aturan anu ngajadikeun kasangsaraan ka maranéhna.

 

29.  Baca sempalan novel ieu di handap!

Ku sabab éta henteu cangcaya deui, tangtu éta téh pituduh anu nitah kana ngajalankeun maksud urang téa. Anu teu acan nyaho bener kana pakarepan urang saréréa, gancang nya ka kokolotna, lamun geus gilig tangtu kaula méré tanggara!”

“Insya Alloh!” ceuk nu ngadaréngé, tuluy bubaran. Ngan nu teu arindit teh jalma limaan, nya éta Bagus Rangin, Ki Wasa (Bagus Wasa), Ki Léja, jeung Ki Daésa, urang kampung Bayawak, kitu deui Ki Kondur urang Pilangsari.

Ceuk Bagus Rangin, “Ayeuna geus teu bisa mundur deui, lantaran geus ninggang kana mangsana urang kudu tutumpuran téh, sabab ti batan hirup urang kieu salawasna, pinuh ku kasangsaraan, leuwih hadé paéh baé!”

Tokoh utama dina sempalan novel di luhur nyaéta

A.             Ki Wasa (Bagus Wasa) 

B.              Ki Léja

C.              Ki Bagus Rangin

D.             Ki Daésa

 

30.  Baca sempalan novel ieu di handap!

Jatitujuh dina kira-kira taun 1800 M, masih kénéh loba leuweungna, babakuna haur gereng anu jadi dina ranca. Lemburna teu acan gegek cara ayeuna. Minangka pangraména, kajaba ti Jatitujuh, nyaéta lembur Bayawak, Pilangsari, jeung pangkidulna Bantarjati, sisi Cimanuk, deukeut ka wates Sumedang.

Setting tempat utama dina sempalan novel di luhur nyaéta

A.             Lembur Bayawak,  

B.              Pilangsari,        

C.              Bantarjati, sisi Cimanuk,

D.             Jati Tujuh

 

31.  Baca sempalan novel ieu di handap!

SI KABAYAN MORO UNCAL

Abah

: Kabayan, hayu geura singkil, urang moro jeung batur ka leuweung.

Si Kabayan

: (HEUAY BADAG)... Hoaaaaam... saha nu rek moro Bah?

Abah

: (RADA NYERENG). Kabeh lalaki di lembur ieu mah bakal milu. Naha maneh kaman wae nepi ka teu apal?

Si Kabayan

: (HEUAY DEUI) Moal milu ah uing mah Bah, carape!

Abah

: (JEBI) lalagaan nyebut cape, jiga loba gawe wae, pagawean molor ge. Keun bae, mun teu milu meh engke moal kabagean daging uncalna. Mangkaning girinyih jeung pelem daging uncal mah. (SI ABAH API-API REK NGALEOS).

Nilik sempalan drama di luhur tokoh kabayan miboga watek....

A.             ngedul

B.              daékan

C.              wekel

D.             karunyaan 

 

32.  Novel nu pertama kali medal nyaéta novel nu judulna “Baruang kanu nagrona” taun 1914 dikarang ku…

A.             Yuhana

B.              Mohamad Amri

C.              D.K Ardiwinata

D.             R. Memed Sastrahadiprawira

 

33.  Si Cepot mah budakna teh beurat birit.

Arti beurat birit dina éta kalimat boga harti….

A.             gedé biritna

B.              hésé di suruh

C.              hésé diomonga

D.             hésé ngangkat birit

 

34.  Si Dawala mah tara dibauturan ku babaturanna, da manehna mah…ari jajan sok sorangan baé tara nawaran komo barang béré ka bautur.

Babasan nu tepat pikeun ngeusian kalimah di luhur nyaéta…

A.             panjang leungeun

B.              hampang birit

C.              gurat batu

D.             buntut kasiran

 

35.  Nyi Iteung mah sok ngagosip baé, da… sagala kagorengan batur sok dicaritakeun.

Paribasa nu tepat pikeun ngeusian kalimah di luhur nyaéta…

A.             abong letah teu tulangan 

B.              goong nabeuh maneh

C.              adean ku kuda beurem

D.             gindi piker belang wayah

 

36.  Si Kabayan  mah …..ari di hareupeun mitohana jempé teu loba omong. Tapi ari tukangeun mah sok ngomomg wani, ngalalan ka mitoha teh.

Paribasa nu tepat pikeun ngeusian kalimah di luhur nyaéta…

A.             kawas gang katincak

B.              monyét ngagugulung kalapa

C.              adat kakurung ku iga

D.             hadé tata hadé basa

 

37.  Baca sempalan drama ieu di handap!

Juragan Istri

:  “ Pa, teu kedah gogorowokan nyauran Si Udin mah! Lalaunan wé! Udin ! (lalaunan)”

Udin

:  “ Kulan ! (tarik)

Juragan Istri

:  “ Nya, saur abdi ogé!”

Udin

:  “ Badé aya naon, Juragan?

Juragan Istri

:  “ Udin! Silaing dititah nyieun ondangan ku déwék, di mana silaing  nyieun ondangan ieu ? ”

Udin

:  “ Di Si Ték An, Gan.. réréncangan abdi.”

 

Palaku urtama dina sempalan drama di luhur nyaéta:

A.             Udin Juragan Istri

B.              Udin Juragan Pameget

C.              juragan istri, juragan pameget 

D.             Juragan istri, pembantu

 

38.  Baca sempalan drama ieu di handap!

Juragan Istri

: “ Tah… meungpeung teu acan aya tamu, meungpeung rineh, ibu hoyong sasanggem ka Apa!”

Juragan Pameget

: “ Nyarita naon? Rék naon ? Aya naon, Bu? Naon ieu teh, naon ?”

Juragan Istri

: “ Ké..ké ..ké..Bapa, tenang heula..tenang! Yeuh Bapa urang téh pan nuju hajat, Cik atuh, Pa.. sing gumbira, sing cénghar! Ieu mah ditingali-tingali ku Ibu ti tatadi ngan baeu..d baé ambek-ambekan! Ku naon, Pa, cik.. ku naon? Aya naon ? Naon atuh”

Juragan Pameget

: “ Tenang atuh, Bu! Rék teu ambek-ambekan kumaha, geus pugur rék hajat, der, suku kacugak ku paku. ?”

 

Watek juragan pameget dina drama di luhur nyaéta:

A.             sabar

B.              emosian

C.              jujur

D.             tenang

 

39.  Baca sempalan drama ieu di handap!

Peuting ngagayuh ka subuh. Di jero kamar, Sari keur gulinggasahan. Torojol bapana datang bari ngahudangkeun Sari. Lampu jeung sora kacapi suling pamirig bubuka mawa Sari ka alam impian. Sakabéh kajadian dina babak kahiji aya dina alam impian Sari.

Bapa

: “ Sariii... sariii.... gugah Nok, ieu Bapa datang!”

Sari

: (hudang, diuk, gigisik kana panon olohok bengong  bari neuteup ka bapana) “ Bapaaa! Leres ieu téh Bapa? Apan Bapa mah tos pupus?”

Bapa

: “ Enya, Sari ieu téh Bapa! Bapa téh geus maot, tapi hayang ngalongok hidep, sabab   ningali  hidep siga keur nandangan tunggara. Bapa hayang ngabungahkeun haté hidep. Ku naon hidep téh, Sari?”

Sari

: “ Bapa badé ngagumbirakeun abdi? Nya tiasa kitu Bapa nyumponan sadaya kahoyong Sari ?”

 

Setting dina drama di luhur nyaéta:

A.             Isuk

B.              Beurang

C.              peuting

D.             soré

 

40.  Baca sempalan drama ieu di handap!

Ema

: “ Sari... Sariii.., hudang nyai, geus beurang ieu téh! Moal solat subuh kitu?”

Sari

: “ Saur bapa, ulah bébéja ka sasaha ngeunaan ieu kongkorong. Ah engké deui baé  rék ménta baju alus téh !” (Sari nyakuan kongkorong bari api-api nilepan simbut)

Ema

: (gegedo deui...) “ Sariii...!” (Ema lebet ka kamar) “Aéh, geuning geus hudang! Ku naon bet teu némbalan digero-gero téh?”

Sari

: (Api-api nilepan simbut, bari arapap-eureupeup) “ Euh... euh... aéh... emh, éta Ma, Sari nuju eu....euh.. bébérés!”

Ema

: “ Tapi naha atuh teu ngajawab, digegero téh!”

 

Amanat dina drama di luhur nyaéta:

A.             haré-haré mun digeroan ku kolot

B.              api-api  teu ngadenga mun digeroan ku kolot

C.              ulah didenge mun digeroan ku kolot

D.             kudu dijawab mun digeroan ku kolot

 

II. Essai

Jawablah soal dibawah ini dengan jelas dan benar!

41.  Jieun téks paguneman !

 

42.  Tangtukeun patokan (guru wilangan jeung guru lagu)  pupuh durma ieu di handap!

Buleud Niat Sanajan Indit Ka Peuntas

Jengkar Ti Lemah Cai 

Keur Nyiar Pakaya

Toh Pati Jiwa Raga

Pikeun Nalang Rumah Tangga

Jadi Wanoja

Melaan ka salaki

 

43.  Sebutkeun 2 pangarang novel sunda jeung karyana!

 

44.  Asep mah di kelasna téh sok disebut Jalma Masagi, jadi pikaresepeun ku babaturanna.

Maksud babasan jalma nu masagi di luhur nyaéta…

 

45.  Sebutkeun harti istilah-istilah nu aya dina drama ieu di handap!

a.     Dialog

b.     Prolog

c.     Epilog

 

Baca Juga:


Kunci Jawaban Soal Ujian Sekolah Bahasa Sunda SMP Dengan Jawaban Tahun 2023

 

I. Pilihan Ganda

Soal US Bahasa Sunda Kelas 9 SMP Dengan Jawaban Tahun 2023

II. Esai

41.       Gumantung kana jenis pupujian di daerahna sewing-sewangan

42.       12-a, 7-I, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i

43.       a.        baruan kanu ngarora karangan DK Ardiwinata

 b.        kabandaang ku kuda lumping karangan ahmad bakri

 c.        rusiah nu goring patut karangan sukria jeung Yuhana

 d.        budak teuneung karangan Samsoedi

 e.        laleur Bodas karangan Sambas jeung Susangka

 f.         dll

44.       Maksudna yen Asep mah budakna sagala bisa/pinter kanu sagalana

45.       a.         Dialog nyaeta omongan antara du tokoh palaku dina drama

b.         Prolog nyaaeta tulisan dina awal drama

c.         Epilog nyaeta tulisan dina ahir drama

 

Demikian artikel tentang Soal Ujian Sekolah Bahasa Sunda SMP Dengan Jawaban Tahun 2023, semoga bermanfaat bagi para pembaca semuanya, jangan lupa untuk membagikan artikel ini kepada rekan-rekan guru dan para peserta didik. Terimakasih

LihatTutupKomentar
close